TANAH SUNDA
Karya : Ajip Rosidi
Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring
Masing dimana kuring nangtung
Masing kamana kuring leumpang
Tanah lémbok tempak bumetah
Angin nyeot nyiuman tarang
Masing kamana kuring leumpang
Tanah lémbok tempak bumetah
Angin nyeot nyiuman tarang
Masing dimana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mumpang , kuring rék datang
Neueulkeun tarang , neueulkeun jantung
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mumpang , kuring rék datang
Neueulkeun tarang , neueulkeun jantung
Kuring tungtung teteupan
Kuring tungtung
Teteupan
Tuntung bedil
Ngincer dada
Kuring tungtung
Teteupan
Tuntung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian getih ngabayah
Getih maranehna nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasadnu ruksak ngalungsar na dada anjeun
Getih maranehna nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasadnu ruksak ngalungsar na dada anjeun
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya katengtreman , ngan ancaman
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya katengtreman , ngan ancaman
Ayip Rosidi (éjahan asli Ajip Rosidi, lahir di Jatiwangi, 31 Januari 1938) téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.
Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti
rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh
Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé
nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung
kabudayaan Indonésia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun
ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku
(1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé
ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferénsi Internasional
Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti
saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar